Salah sahiji upaya dina ngawangun atmosfer kinerja staf di kantor SKB Kab. Purwakarta Dadi Rosadi nyadiakeun tempat para staf pikeun nebarkeun elmuna di Widang keterampilan naon bae nu diayakeun di SKB Kab. Purwakarta.
Rd Dadi Rosadi, S,Km, M,Pd salaku PJ Kepala SKB netelakeun yen out put dina tempat anu genah, merenah jeung tumaninah teh bakal ngahasilkeun pancen gawe anu hade, hasilna kagiatan bakal maksimum jeung baris dinilai ku pimpinan di Disdik Kab. Purwakarta.
Pon salain bentuk laporan kinerja pribadi oge dipublikasikeun dina wanda prosiding lingkungan SKB Kab. Purwakarta, minangka apresiasi keur para staf Dadi Rosadi netelakeun yen konci Tina technopreneurshifp teh nyaeta Motekar, nu Motekar mah tiasa ngarobah sikep konvensional Kana kawirausahaan, kudu ngaluluguan ideu-ideu anyar! Kudu boga produk! Maher oge dina imaginasi jeung nagen nyanghareupan Sagala kamungkinan! Kudu wani ngaluluguan parobahan ku ideu-ideu anyar nu tinangtos tiasa nyukangan antara urang (jalma) sareng lingkunganna!
SKB Kab. Purwakarta kudu bisa ngagiring pola pikir/pamikiran masyarakat ngeunaan alternatif profesi jadi wirausaha! Kudu ngalahirkeun jalma-jalma anyar anu kuat jeung boga skill based nu masagi!
"Lulusan mana eta?"
"SKB Kab. Purwakarta!"
Saha nu reueus? Ceuk Dadi Rosadi mungkas obrolan.
0 Komentar