SKB Kab. Purwakarta dina Wangun rapat mandiri mere gambaran ka para stafna ngeunaan tata kelola Jeung kawijakan SKB nu baris dilaksanakeun pikeun kaberhasilan atawa output pikeun karaharjaan masyarakat kahareupna, Dina biantarana Rd. Dadi Rosadi, S.Km, M,Pd netelakeun yen gelarna rapat mandiri eta ngeunaan program SKB Kab. Purwakarta kahareupna, pasualan kudu ditepikeun tur di pecahkeun pikeun keberhasilan program urang, Tiayeuna staf SKB kudu bruk-brak dina nepikeun rupa-rupa informasi anu tangtu jadi kaunggulan nu dipeunteun ku masyarakat, ku Ayana keterbukaan informasi masyarakat ulah nepi ka poekeun mikawanoh ngeunaan informasi program nu aya di SKB Kab. Purwakarta sabab lembaga anu bruk-brak dina rupa-rupa informasi bakal jadi hiji kapunjulan Dina nangtukeun kualitas eta lembaga, ku kituna teu bosen-bosen Dadi Rosadi ngahieuk stafna pikeun nyosialisasikeun keberadaan SKB Kab. Purwakarta, Dimimitian ku Bismillah, Tiayeuna urang niatkeun supaya mayeng dina ngayakeun pangajen pikeun masyarakat Purwakarta, tinangtos kudu dibarengan kaparigelan urang salahku nu aya di SKB!
"Urang kudu bisa ngalarapkeun keterbukaan informasi kalawan hade!"
0 Komentar